1. Mimiti Masantren

Jang Ibro mimiti masantren. Manehna can kungsi masak sorangan. Hiji mangsa ku seniorna dititah naheur cai jang nyieun ci kopi. Atuh rada bingung. Nya pok nanya ka santri sejen, jang Juhe nu geus wanoh, nu hanjakalna teh sarua anyar jeung teu kungsi ngalaman masak di imahna.

“Kang, abdi teh teu acan kantos naheur cai. dupi ari asakna kumaha, nya?”

“Oh, gampil, upami tos ngagolak, cagap. Tah upami tos hipu, eta hartosna tos asak…”jang Juhe inget kana bubuahan, ari asak pan sok hipu. geus kitu, jang Ibro ka dapur, cai nu ngagolak dicagap. puguh we ngajerete, da cai sakitu panasna. balik deui ka jang Juhe.

“Kang, cai teh kalah ka panas pisan geuning?”
“Oh..mun dina buah mah, teuas keneh meureun. ke antos sakedap…”

2. Lurang Jeung Ulis II

Bupati : “Lurah, ari mushola di desa lurah aya sabaraha ?”

Lurah : “Lis, mushola di urang aya sabaraha lis?”

Ulis : “Lima pa lurah”

Lurah : “Lima pa bupati”

Bupati : “Lurah, ari madrasah aya sabaraha?”

Lurah : “Lis, lis, ari madrasah aya sabaraha?”

Ulis : “Aya dua pa lurah”

Lurah : “Aya dua pa bupati”

Bupati (rada ambek) : “Na ari lurah, ditanya teh bet nanya deui ka si ulis, naha teu apal jumlah masjid-masjid acan. Cing ayeuna kuring rek nanya deui, ari ngaran ki lurah saha?”

Lurah : “Lis..lis..ari ngaran bapa saha?”
Mihape Kuda

Kusir : “Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula.”

Budak : “Ah alim, sieun nyongot.”

Kusir : “Moal, da ieu mah kudana oge bageur.”

Budak : “Sieun nyepak atuh.”

Kusir : “Tara deuih. Kuda bageur.”

Budak : “Moal ah, sieun kabur.”

Kusir : “Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur.”

Budak : “Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?”
*hayoh..ngartos teu barudak??*